9.01.2013

Inggis

I
reup ceudeum
mega bodas misemu angkeub
méré béja bakal datang
hujan

hiliwir ti'is
sigana angin ti lamping
mawa béja arék datang
hujan

II
reundeukna régang rengkakna dangdaunan
rampak ibing pangharepan
migagas bakal kahontal
hujan

III
duh, jungjunan
geuning ingkar tina sawala
angin téh muragkeun kembang
teduh nyinglar
anggang hujan

IV
kiwari, jungjunan
inggis miara impian
mulasara harepan
asa jadi bangbaluh pangemutan
bibit rujit pilampahan

kiwari, jungjunan
wayah mangsa sande kala
wayah sumerah tina sagala
mimuga balik deui ngajati
manunggal kaula Gusti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar